|
Ditulis oleh Administrator
|
|
Selasa, 22 Desember 2009 07:54 |
|
Bagja diri bungah ati nganti jangji pasinina harianeun pasini pegat di jalan duh geuning tina asih malih warni jadi peurih Impian biheung kasorang jungjunan hariring ati nu kingkin
Bungah diri dinyari-nyari nganti panggih kapaut ati harianeun anjeun Jungjunan, meuntas leupas Duh geuning cinta mah pinuh rusiah mipit langit ku hate nu lungse Gusti bagjakeun jungjunan ati
Goong teh kaimpi totos duka naon balukarna kajeun teu wawuh jeung dulur kajeun anggang jeung baraya tinimbang heunteu laksana diri abdi jeung anjeunna geuningraga iklas bibilasan
Bagja kacipta, kasura tunggara Duka naon rusiahna Sawang kamelang malang kahayang Nurih hariring kapeurih unggal peuting Meusmeus ngejat meupeus munajat Ngalanglayung satungtung can tepung Naha atuh bet ngarasa jauh Cinta mah moal lapur ku umur, moal kungsi angkeub ku wanci |