|
Ditulis oleh Administrator
|
|
Selasa, 22 Desember 2009 07:53 |
|
Tos kageugeut hate Aa ku neng Moal peugatku katresna sagede gunung
Kanyaah, kadeudeuh Aa moal endag kuangin topan moal luntur kahujanan moal putus tina titingalian hate
Gurat seuneu patingburisat di langit luhureun panyalindungan langit ceudeum katutupan mega nu ngagulung nyiliksik asup kana hate ngalimpudan rasa na jero dada
Hawar-hawar sora hariring melengking ngurilingan peuting nurihan hate nu keur rungsing hiliwir angin peuting mawa talatah liwat kalakay cenah manehna ayeuna keur tunggara
Euh aya naon atuh neng guarkeub carita hate teh dinu hate pangjerona ngan sahiji nu abadi najan deukeut, atawa jauh tapi leungeun hatemah aya dinu dada |