|
Wanci harita. Sora asih kabawa ku angin leutik, sumeredet kana hate. Teu sangka anjeun bet menta mungkas rerendengan. Teungteuingeun, pamenta teh bet luluasan.
Tuh langit nu jadi saksi. Bulan bentang pating kariceup, jiga nu nganaha-naha. "Kita jalani hidup masing-masing", ngan sakitu kecap anjeun panungtungan. Segruk nyuuh na lahunan, horeng peuting ieu panganggeusan.
Kiwari, wanci geus kaliwatan. Asa cikeneh, padahal lawas taun katukang. Didieu, kungsi anjeun menta tepung. Saksina bulan jeung bentang, sarua jiga ayeuna.
Tah di dieu, bulan jeung bentang, jaradi saksi. Anjeun pamit baha bari wakca "Maaf tidak bisa mejadi yang terbaik". Teungteuingeun, geuning anjeun geus buled hate. Pileuleuyan atuh geulis, peuting ieu ukur lamunan.
Ngarasa pisan anjeun wakca kitu kulantaran akang. Akang teu bisa nyugemakeun anjeun. Mun pareng datang mangsana, akang pejah ngababatang. Paneda teh ngan sarupa, tarimakeun pangbakti akang pikeun salira anjeun.
Sumber inspirasi dari : http://blogpuisi.weebly.com |