Bati Nineung Tinu Keur Nineung
Ditulis oleh Administrator   
Sabtu, 09 Januari 2010 15:46

Bati Nineung Tinu Keur Nineung. Kamari wanci kasoenakeun, waktos rurumpahan ka web-web urang sunda. dumadakan nineung, dumadakan sing sariak sareng katarembong deui tur jentre waktos hirup di lembur.

Duka kunaon ieu hate hoyong ngadangukeun lagu "Serat Salira" dina wandah jaipongan ti cicih cangkurileung. Lain kunanaon, moal hilap ieu lagu karesepna pun biang, karaos pisan ieu hate meni nineung sono pisan ka lembur.

Ras emut sababaraha taun katukang, basa kuring mancegkeun hate, nguatkeun diri gidig bade ngajalanan hirup di pangumbaraan, teu karaos bade 8 taun kuring ngantunkeun lembur, hirup nyorangan paanggang sareng dulur baraya.

Wareg pisan ku pait getir na hirup di pangumbaraan, ngan saukur ngarumas pami kenging kapeurih hate. mung tiasa mepende hate ku pakasaban.

Hapunten kanggo nu di lembur, sanes kuring tamأ©lar kanu jadi dulur baraya, sono mah sono, nineung mah nineung, tapina kaayaan nu maksa kuring mung tiasa saukur nineung bari ngeclakeun cimata.

Karaos tos teu kiat milampah hirup nyorangan di pangumbaraan, asa hoyong balik ka lembur. Duh gusti, meni asa kapahung hirup di pangumbaraan, nyuhunkeun di kiatkeun ieu hate nu nineung ka lembur.

Tags:
 

Add comment


Earn Money Online

MobGold Mobile Advertising Network

Tool Site

PageRank Checking Icon
Submit my blog SEO

Personal Blogs - Blog Rankings
Marketing SEO blogs
Free backlinks for your site powered by http://www.getfreebacklinks.com
free site statistics Counter,Statistics service

 

Googlebot last access powered by MyPagerank.Net
Yahoo bot last visit powered by MyPagerank.Net
Pop Culture Blogs - BlogCatalog Blog Directory

Submit link