|
Ditulis oleh Administrator
|
|
Rabu, 07 April 2010 19:26 |
|
Postingan kali ini mencoba kembali mengangkat mengenai kultur budaya setelah hampir sebulan ini berkutat dengan Kontes SEO, rilek dulu kali ya.... Kali ini mencoba posting mengenai salah satu contoh Sambutan (Pidato) Serah Terima Khotbah Pernikahan Pengantin dengan Bahasa (Basa) Sunda ataupun semacam khotbah nikah mungkin lebih tepatnya.
Mohon maaf bagi yang perlu translator silahkan copas Sambutan (Pidato) Serah Terima Pernikahan Pengantin dengan bahasa sunda ataupun semacam khotbah nikah dibawah ini keآ tools online translator bahasa sunda maka insyaalloh akan ada hasil dengan bahasa Indonesia, walau masih ada beberapa kata yang belum bisa di translet dengan sempurna ke dalam bahasa Indonesia.
Bismillah Alhamdulillah
Patepang di salaka maya dilajengkeun di buana nyata dua teuteup ngagedurkeun geter-geter asih janten pasini jangji: seja laki rabi
kiwari cunduk di waktu ninggang di mangsa nitih wanci nu mustari ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng néng (Nami Panganten Istri) didahupkeun di balé nyungcung
Ayi (Nami Panganten Pameugeut) , Sabada ijab kabul diucap nami (Nami Panganten Istri) anu satadina dibintian ku nami ramana baris robih dituntungan ku nami ayi (Nami Panganten Pameugeut) hartosna ti danget ijab kabul tanggel waler dunya akherat ngeunaan neng (Nami Panganten Istri) di pasrahkeun ti ramana ka diri : salira (hajat nikah mémang kariaan tapi makna nikah nungtut pertanggel waleran)
Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:
kahiji ngeunaan aqidah
inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah Laa ilaaha ilalloh mangkadé dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW. Aqidah sing panceg Istiqomah margi maot mah saha nu terang kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto mangsa mulang ka mantenNa urang teu pinareng husnul khotimah
kadua ibadah
mamaos mémang raos kadanguna galindeng cianjuran ngahudang rasa tapi moal aya deui anu leuwih raos tur ngahudang rasa iwal ti soanten ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ sareng neng (Nami Panganten Istri) rampak ngagalindengkeun ayat-ayat suci Al Qurân
upami di bumi kagungan permadani anu éndah moal aya deui anu leuwih éndah tibatan dua lambar sajadah anu dianggé solat jamaah
kacida nikmat sareng hidmatna mangsa ayi (Nami Panganten Pameugeut) ngucapkeun kecap Waladhdholliin dina tungtung fatihah ditémpas ku kecap Amiiin tina lambey néng (Nami Panganten Istri)
pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan bakal sumebar tina kecap Amin néng (Nami Panganten Istri) dina du'a demi du'a nu dilafadzkeun ku ayi (Nami Panganten Pameugeut)
Katilu akhlaq
Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan Ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ di tungtung ditu Néng (Nami Panganten Istri) ditungtung dieu kedah silih ayunkeun kedah silih béréan upami silih betot tinangtu rambut bakalan pegat
Akhlaq salaki ka nu janten istri Akhlaq istri ka nu janten salaki baris nangtoskeun hirup kumbuhna hiji pernikahan
sok sanaos tos laki rabi mangkadé akhlaq ka ibu rama indung nu ngakandung bapa anu ngayuga
kumelendangna urang di alam dunya aranjeunna lantaranana
salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang
kanyaah sareng kaihklasan anu teu kénging dimomorékeun kapan saur hadits ogé: sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung
Upami urang ayeuna tiasa makalangan eta téh hasil lamokot késangna tuang rama dibarung ku du'a demi du'a anu teu kendat reureuh tuang rama tisusut tidungdung ngagedékeun anjeun para putrana sangkan hirup hurip bagja waluya
Laki rabi ogé kedah tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi diantara dua kulawargi kulawargi ayi (Nami Panganten Pameugeut) ti Ciamis sareng kulawargi néng (Nami Panganten Istri) ti Kuningan Ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng Néng (Nami Panganten Istri) sing janten cukang lantaran ngantengkeun ieu tatali silaturahmi sangkan syiar kasundaan sareng syiar kaislaman tiasa langkung lega ambahan nyambuang saalam dunya
Hirup di dunya henteu nyorangan mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan sing tiasa naritipkeun diri sing tiasa pindah cai pindah tampian
Kaopat, cita-cita
Hirup kumbuh laki rabi ulah ngan saukur diniatan dugi ka pakétrok iteuk tapi kedah dicita-citakeun langkung tebih, nyaéta tiasa riung mungpulungna anak incu kulawarga di sawarga
ku kituna prinsip jaga diri jeung kulawarga aranjeun tina sueneu naraka kedah janten suluk anu janten cita-cita kulawarga
upami isuk jaganing géto kagungan putra sangkan janten waladun sholihan mangkadé didik ku kaislaman sareng kasundaan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut) miwah néng (Nami Panganten Istri) dinten ieu, (kaping bulan taun) sabuana samarcapada nyakséni aya dua pamayang papasangan anu badé ngambah sagara ciptaan Pangéran
bébér layar tarik jangkar
baarokallohu laka wa baroka alaika wajama bainakuma fii khoir |