|
Kaduhung. Heueuh hirup nyorangan teh karasa hampang, teu beurat. Rek indit ka mana-mana ge teu ripuh, Rek ka ditu jug, rek ka die jig, ka sabrang ka Lampung kuma karep kuring. Mabur jiga manuk meber jangjang. Hirup nyorangan ge karasa “ekonomisâ€, teu kudu ngaluarkan banda nu gede, cukup jang saukur saurangeun wae. Mun keur usum kantong kempes, gampang atuh nu nyorangan mah. Ngeclok ka warung ieu, nginjem ka warung itu. Teu kudu era, da jadi nyorangan deui.
Ayeuna ieu kuring di nagri batur, 8 taun nyingkur beh kuloneun Lampung. Teu ngahaja teu sing nyiar kipayah sakitu jauhna. Ngan ukur nuturkeun indung suku, kamana jung nya eta nu di tuju. Nu disebut nyingkur teh bener nyingkur, sapetak pangiuhan hasil watir Umi Samsinah. Di dieu pisan ayeuna kuring nambru teu walakaya.
Kaduhung atuh baheula teh Mamah jeung Bapa kuring nitah neruskeun kuliah deui di Jogja 'Ulah kaduhung engke jaga, tina alatan omongan maneh nu sompral teu dipikir heula’, saur Mamah cirambayan teu ridho kuring mungkas kuliah. Meureun ieu kitu supata ti Mamah, naha sangsara ayeuna taya nu ngariksa diri nu keur parna ku kasakit teh alatan Mamah nyurucud cisoca. Boa-boa bener cisoca indung nu peurih batin disakseni ku Gusti.
Duh hapunten Mamah, kuring ngaraheutkeun manah Mamah kapungkur. Mun seug baheula nurut ka Mamah tangtos ayeuna kuring aya digigireun Mamah. Kuring nyeri huntu, Mamah ngarendos bawang bodas, ditamplokkeun na salempay,dibeungkeutkeun na leungeun kenca. Kuring gering panas, Mamah bongkar lomari ngaluarkeun anduk leutik Good Morning nu geus ipis, dikeueum saheulaanan dina cai panas, terus dikompreskeun. Kuring ngagibrig panas tiris, Mamah bulen sabadan-badan kuring ku simbut belang-belang poleng bodas hideung. Ayeuna saha atuh nu kersa ngariksa Kuring. |